Tradisi Mulid Nabi di Kampung Citape Kec. Cihampelas RT 03
Tradisi Maulid Nabi di Kampung Citape Kec. Cihampelas RT 03
Sumber: https://www.detik.com/jabar/jabar-gaskeun/d-7542094/5-amalan-yang-bisa-dilakukan-menyambut-maulid-nabi-dan-keutamaannya
Maulid Nabi téh nyaéta miéling Maulid Nabi Muhammad SAW, anu
tumiba dina tanggal 12 Rabiul Awal dina kalénder Hijriyah. Kecap
"Maulid" sorangan asalna tina basa Arab anu hartina "ulang
taun", sedengkeun "Nabi" nujul kana Nabi Muhammad SAW.
Tradisi miéling Maulid Nabi Muhammad SAW dipikawanoh dina
mangsa Dinasti Fatimiyah di Mesir dina abad ka-11 Masehi. salaku nguatkeun
persatuan umat Islam. Sanaos henteu aya naskah dina Al Qur'an atanapi hadits
anu sacara eksplisit maréntahkeun perayaan Maulid Nabi, para ulama
ngawenangkeun perayaan éta salaku bagian tina kabiasaan anu hadé salami henteu
ngalanggar syariat. Tradisi ieu lajeng sumebar ka sagala rupa wewengkon dunya
Islam sarta diadopsi ku rupa-rupa budaya Muslim di Asia, Afrika jeung Éropa. Salah
sahiji nagara Asia anu ngarayakeun Maulid Nabi nyaéta Indonésia.
Indonésia miboga rupa-rupa babasan dina miéling Maulid Nabi. Salah sahijina nyaéta tradisi Maulid Nabi di Désa Citape RT 03 RW 04 Kacamatan Cihampelas anu geus aya ti taun 70-an. Numutkeun narasumber, Bu Isni nétélakeun yén Ustad anu ngalaksanakeun ieu tradisi téh masih kénéh aya tur umurna 100 taun. Ayeuna nuju di Cikampek. Sanajan kitu, tradisi ieu terus dilaksanakeun ti generasi ka generasi nepi ka kiwari. Sanaos aya Covid-19, tradisi Maulid Nabi di kampung tetep diteruskeun. Di Désa Citapen RT 03, aya tradisi miéling Maulid Nabi anu unik, nya éta ku maca Alquran di unggal imah sabudeureun RT 03.
Tatalaksana tradisi ngaji ti bumi ka bumi aya sababaraha
tahapan, nyaeta nu kahiji mulai ti ngabentuk panitia keur ngatur tradisi ieu.
teras ngundang para ajengan setempat kanggo ngeusi eta acara. Biasana nu
ngiringan ieu acara teh sok dikumpulkan hela kanggo misahkeun janten 2
kelompok, sangkan waktos teu lami teuing. Acara ieu biasa dimulai ba'da isya
jam 8an. Saatos dikempelkeun janten dua kelompok para warga mulai ngider
ngadatangan unggal bumi keur diayakeun pangajian, pertanda eta bumi hoyong
diayakeun pangajian teh nyaeta panto bumi na dibukakeun lamun panto bumi na
ditutup berarti eta bumi nuju teu hoyong diayakeun pangajian. Dinu tradisi maulid ieu biasana sok ngabacakeun sholawat fatih, sholawat nariyah, munjiyat, maulid barzanji, jeung aya doa khusus nu biasa dibacakeun di RT 3. Teras unggal bumi nu
hoyong diayakeun pangajian biasana sok ngaayakeun parasman atanapi nasi kotak
kanggo konsumsi anu ngiringan pangajian. Kitu we teras ngadatangan unggal bumi
nepi ka sadayana bumi nu aya di rt eta kadatangan, biasanamah beres na tabuh
dua atanapi tabuh tilu peuting.
Anu milu Maulid Nabi ngan ukur warga satempat, warga RT 03 Kampung
Citape, tapi aya oge warga RT sejenna anu ngahadiran Maulid Nabi, biasana ku
baraya atawa babaturan deukeut. Sabab tradisi ieu dilaksanakeun di sabudeureun
jeung dilaksanakeun peuting, tradisi ieu dilaksanakeun sacara husus ku kaum
lalaki, ti mimiti budak leutik nepi ka déwasa, ku cara maca Al Qur’an di unggal
imah warga di wewengkon RT 03 Kp, sarta dipingpin ku tokoh agama (ustad) di éta
wewengkon.
Mangpaat tradisi ieu pikeun warga daérahna sorangan nyaéta
miéling Maulid. Henteu ngan éta, tradisi ieu ogé nguatkeun tali silaturahmi
antar warga, ngaronjatkeun hubungan sosial, numuwuhkeun rasa gotong royong,
jeung ngawangun solidaritas antar warga. Salian ti éta, tradisi ieu geus jadi
kabiasaan turun-tumurun, ngajaga ajén-inajén budaya jeung jati diri masarakat
satempat. Tradisi ieu mangrupa momen anu ditunggu-tunggu ku sakumna masarakat,
lantaran salian ti mangrupa wujud panghormatan ka Nabi Muhammad SAW, acara ieu
ogé méré lolongkrang pikeun ngumpul jeung nguatkeun tali silaturahmi.
Referensi:
Muhtar. (2024, September 16). Maulid Nabi: Sejarah, Tradisi, dan Perayaan di Indonesia. https://uici.ac.id/maulid-nabi-sejarah-tradisi-dan-perayaan-di-indonesia/.
Humas Baznas. (2024, Oktober 4). Memperingati Maulid Nabi Muhammad SAW: Sejarah dan Amalan
yang Dianjurkan. https://baznas.go.id/artikel-show/Memperingati-Maulid-Nabi-Muhammad-SAW:-Sejarah-dan-Amalan-yang-Dianjurkan/675.
Aurellia. A,. (2024, September 15). 5 Amalan yang Bisa Dilaksanakan Menyambut Maulid Nabi dan
Keutamaannya. https://www.detik.com/jabar/jabar-gaskeun/d-7542094/5-amalan-yang-bisa-dilakukan-menyambut-maulid-nabi-dan-keutamaannya.
Penulis:
Elmia Pratiwie (Sajarah Maulid Nabi).
Beauty Fatimah Rahayu (Mangpaat tradisi Maulid Nabi di
Kampung Citape RT 03).
Ibnu Darda Ibrahim (Jalma anu ilubiung dina kagiatan).
Mikail Fadhlan Muqtadir (Tatacara pelaksanaan tradisi).
Ringkasan = Maulid Nabi Muhammad SAW dipikawanoh dina mangsa Dinasti Fatimiyah di Mesir dina abad ka-11 Masehi. salaku nguatkeun persatuan umat Islam. Sanaos henteu aya naskah dina Al Qur'an.atanapi hadits anu sacara eksplisit maréntahkeun perayaan Maulid Nabi, para ulama ngawenangkeun perayaan éta salaku bagian tina kabiasaan anu hadé salami henteu ngalanggar syariat.
BalasHapusAritikel= tradisi ie terus di laksanakeun ti generasi ka generasi nepi kiwari
Kasalahan Kabasaan =dinu spasi agak tebih teuing
penteun= 90
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapus1.Leonardus Robby Tri Cahyo
BalasHapus2.Maulid Nabi Muhammad SAW dipiéling unggal tanggal 12 Rabiul Awal dina kalénder Hijriyah salaku miéling kalahiran Nabi Muhammad SAW. Tradisi ieu dimimitian dina mangsa Dinasti Fatimiyah abad ka-11 M di Mesir sarta sumebar ka sagala rupa wewengkon dunya Islam. Di Indonésia, salah sahiji tradisi unik di Désa Citape RT 03 RW 04, Kacamatan Cihampelas, nyaéta ngaji ti bumi ka bumi ku warga sabudeureun RT. Acara ieu dimimitian peuting ku ngabentuk panitia, ngundang ajengan, sareng ngabagi warga jadi dua kelompok. Warga ngider ngadatangan unggal imah nu panto na dibuka, ngaji Al-Qur’an, sholawat, sarta doa. Tradisi ieu nguatkeun silaturahmi, solidaritas, sareng gotong royong warga satempat.
3.Hal anu menarik tina tradisi Maulid Nabi di Désa Citape nyaéta cara miélingna anu unik sareng jarang kapanggih di tempat séjén. Warga RT 03 ngalaksanakeun pangajian ti bumi ka bumi, dimana sakabéh warga lalaki, ti budak leutik nepi ka déwasa, ngider sabudeureun RT pikeun maca Al-Qur'an, sholawat, jeung doa. Prosés ieu dilaksanakeun peuting, dimimitian ba'da isya, sarta beres tabuh dua atanapi tilu peuting. Hal ieu nunjukkeun kuatna budaya gotong royong sareng silaturahmi anu dijaga turun-temurun.
4.Nu mangrupa kasalahan jeung kekurangan anu kapanggih dina téks ngeunaan tradisi Maulid Nabi di Désa Citape dina basa SundaDi handap ieu mangrupa kasalahan jeung kekurangan anu kapanggih dina téks ngeunaan tradisi Maulid Nabi di Désa Citape dina basa Sunda, kasalahan dina ejaan jeung tanda baca penggunaan kecap saperti "téa" jeung "mah" dina kalimah téh kaasup basa Sunda anu informal. Lamun téks ditujukeun keur tulisan formal atawa akademis, leuwih hadé nganggo basa Sunda formal.
5.Penteun=89
Nama : Pirna nuryutami
BalasHapusRingkesan:
Tradisi Maulid Nabi di RT 03 Kampung Citape dilaksanakeun peuting, khusus ku kaum lalaki ti budak leutik dugi ka déwasa. Kagiatan ieu ngawengku maca Al-Qur’an di unggal imah warga sareng dipingpin ku tokoh agama satempat. Salian ti miéling Maulid Nabi, tradisi ieu ogé nguatkeun tali silaturahmi, ngaronjatkeun hubungan sosial, ngawangun solidaritas, sarta ngajaga ajén budaya anu geus turun-tumurun.
Kaunikan:
• Dilaksanakeun peuting di lingkungan lokal kalayan suasana kekeluargaan.
• Melibatkan sadaya kaum lalaki, ti budak leutik dugi ka déwasa.
• Tradisi turun-temurun anu ngagabungkeun unsur ageman sareng sosial budaya.
• Dilaksanakeun di unggal imah warga, ngajadikeun tradisi ieu nyentuh sadaya lapisan masarakat.
Koréksi Basa:
• Kalimah "Sebab tradisi ieu dilaksanakeun di sabudeureun jeung dilaksanakeun peuting, tradisi ieu dilaksanakeun sacara husus ku kaum lalaki" langkung saé disingget janten:
"Tradisi ieu dilaksanakeun peuting sacara husus ku kaum lalaki di sabudeureun éta daérah."
• "warga daérahna sorangan" langkung lemes dirobah janten "warga satempat."
Penteu : 90
1. Merry Yustiana Cantika (12.8)
BalasHapus2. Maulid Nabi téh nyaéta miéling Maulid Nabi Muhammad SAW, anu tumiba dina tanggal 12 Rabiul Awal dina kalénder Hijriyah. Tradisi miéling Maulid Nabi Muhammad SAW dipikawanoh dina mangsa Dinasti Fatimiyah di Mesir dina abad ka-11 Masehi. Indonésia miboga rupa-rupa babasan dina miéling Maulid Nabi. Salah sahijina nyaéta tradisi Maulid Nabi di Désa Citape RT 03 RW 04 Kacamatan Cihampelas anu geus aya ti taun 70-an. Tradisi ieu dilaksanakeun di sabudeureun jeung dilaksanakeun peuting, tradisi ieu dilaksanakeun sacara husus ku kaum lalaki, ti mimiti budak leutik nepi ka déwasa, ku cara maca Al Qur’an di unggal imah Mangpaat tradisi ieu pikeun warga daérahna sorangan nyaéta miéling Maulid. Henteu ngan éta, tradisi ieu ogé nguatkeun tali silaturahmi antar warga, ngaronjatkeun hubungan sosial, numuwuhkeun rasa gotong royong.
3. Ti tradisi ieu nguatkeun tali silaturahmi antar warga , ngarojatkeun hubungan sosial sareng ngawangun solidaritas sareng para warga , ngalibatkeun kaum lalaki ti budak leutik jeung dewasa , dilaksanakeun na peting
4. Aya beberapa bahasa masih keneh nganggo bahasa indonesia sareng bahasa sunda anu kasar , janten kedah nganggo bahasa anu sunda lemes.
5. Penteun : 90