Ngeunaan Kapamalian Uyah

 Ngeunaan Kapamalian Uyah 


(Diakses:https://www.azada.co.uk/category/nutrition-in-food/) 

(Gambar 1.1)

  Kapamalian nyaeta larangan atawa tabu ti kolot jaman baheula, anu maksudna ulah ngalakukeun salah sahiji hal anu matak bakal aya sababna. Salah sahiji kapamalian masyarakat sunda nyaeta ulah meli uyah ti peuting jeung ulah nepi ka meakeun uyah di bumi, maksudna beak pisan eta uyah teh dinu wadahna. Uyah teh bahasa sunda na Garam, nyaeta sajenis mineral anu nyieun aya rasa asin, biasana dipake keur masak.

 Masyarakat sunda biasana anu masih percaya ngeunaan kapamalian uyah ieu teh, utamana masyarakat sunda anu di daerah perkampungan. Perkampungan teh nyaeta lingkungan tempat tinggal anu dihuni ku sakalompok masyarakat anu didaerahna masih aya desa. Tinu hasil wawancara ti narasumber, Kapamalian uyah ieu teh masih dipercaya saur na di daerah saperti padalarang, gunung bentang, cipatat, cihampelas, cililin, gunung halu, jeung daerah perkampungan lainna anu masih percaya kana kapamalian uyah. 

(Syahira) 


  Kapercayaan ngeunaan uyah ieu parantos aya ti jaman karuhun urang sareng mangrupikeun kapercayaan anu diturunkeun sacara terus-terusan. Teu aya anu terang saha anu mimiti nyiptakeun aturan ieu, tapi disebutkeun uyah dianggap ngagaduhan energi atanapi nilai khusus, janten kumaha ngagunakeunana gaduh aturanana sorangan. Baheula, jalma percaya uyah miboga kakuatan nu tangtu meureun bisa mawa alus. Ieu sanes ngan ukur tabu, tapi oge bentuk hormat pikeun nilai sareng kapercayaan anu parantos lami. Di sisi sejen, uyah bisa mawa hal goreng lamun disalahgunakeun. Sanaos henteu ngartos alesanana, urang tetep nuturkeun aturan ieu pikeun ngahormatan tradisi anu parantos lami, saolah-olah janten pangeling kumaha ngahormatan karuhun, alam, sareng hal-hal anu dianggap sakral.

(Vera)


  Dina budaya masyarakat Sunda jeung sabagian daerah di Indonesia, aya mitos ngeunaan kapamalian mun uyah béak di imah. Numutkeun kayakinan, béakna uyah bisa jadi pembawa sial atawa tanda goréng keur anu ngageugeuh éta imah, saperti bakal aya masalah dina rumah tangga atawa datangna musibah. Sababaraha jalma percaya yén uyah mibanda nilai magis nu bisa nangkal énergi négatif, jadi lamun uyah béak, dianggap yén imah téh leungit perlindungan ti hal-hal anu goréng. Sanajan kitu, pandangan ieu téh ngan ukur mitos anu diturunkeun ti baheula, jeung teu boga dasar ilmiah.

  Aya mitos nu ngembang di masarakat yén meuli uyah peuting-peuting bakal mawa sial atawa musibah. Sabagian jalma percaya yén ngalakukeun ieu bisa ngabalukarkeun kasialan atawa "nyedot" rejeki anu sabenerna keur kulawarga. Ceuk caritana, uyah dipercaya miboga énergi anu bisa narik hal-hal négatip nalika dibeuli dina waktu peuting. Sanajan euweuh bukti ilmiah anu ngadukung kapercayaan ieu, mitos ieu masih hirup di sababaraha wewengkon minangka bagian tina kearifan lokal anu diwariskeun turun-tumurun.

(Rayhan)


  Pelaksanaan mitos uyah téh rupa-rupa, nurutkeun mitosna, sapertos larangan meuli uyah dina peuting. Dina palaksanaanna, anu ngajual biasana henteu hoyong ngajual uyah ka anu meulina dina peuting lantaran sieun mangaruhan kana jualan warungna. Kajadian ieu kaalaman ku panulis kami, Syahira; manéhna balanja dina peuting di warung pikeun meuli uyah, tapi teu dibikeun ku anu ngajual, padahal uyah téh aya di etalase. Hal ieu ogé kajadian ka narasumber, nyaéta Bu Isni, basa manéhna ningali indungna nu boga warung teu hoyong ngajual uyah ka anu meulina dina peuting. Waktu ditanya alesanana, indungna nyebut sieun lamun ngajual uyah dina peuting bakal mangaruhan kana rejekina: "Sieun rejekina teu katingali," cek indung narasumber. Anu ngajual biasana bakal nyebut “béak” padahal uyahna aya di etalase.


  Sedengkeun mitos uyah nu henteu meunang béak di dapur, biasana lamun uyah béak kudu geura dieusian deui, lantaran dipercaya bakal mangaruhan kana rasa masakan, panglindungan ti roh jahat, jeung ngalancarkeun rejeki. Keyakinan ieu dipercaya ku narasumber kami, nyaéta Bu Isni, Nini Syahira, jeung Nini Vera. Aranjeunna yakin yén uyah di dapur henteu meunang béak lantaran bakal mangaruhan kana lancar teu na rejeki, rasa masakan supaya henteu tiis atawa hambar, sarta minangka panglindungan ti roh jahat.


  Salajengna, aya ogé mitos uyah pikeun nangkal roh jahat anu biasana dilakukeun ku cara ngabur uyah di pakarangan. Hal ieu anu kaalaman ku narasumber kami, nyaéta Bu Isni, basa manéhna dititah ku dulurna pikeun ngabur uyah di sakuriling pakarangan pikeun ngalindungan ti roh jahat.


  Respon masarakat satempat kana mitos ieu téh rupa-rupa; aya nu percaya, tapi aya ogé nu henteu. Mayoritas anu percaya téh urang Sunda asli atawa keturunan Sunda lantaran mitos ieu kasohor di daerah Jawa Barat. Aranjeunna yakin yén naon anu dicarioskeun ku karuhun ti generasi ka generasi téh saéstuna leres. Tapi, sabagian ti maranéhna milih pikeun henteu ngalaksanakeunana lantaran dianggap geus katinggaleun jaman jeung teu asup akal.

(Asril) 




Lampiran:


(Gambar 1.2)


(Gambar 1.3)



 (Gambar 1.4)



Daftar Pustaka 


Azada. (n.d.). Nutrition in food. (https://www.azada.co.uk/category/nutrition-in-food/) Diakses 7 November 2024


Wikipedia. Garam dapur. Wikipedia. (https://id.m.wikipedia.org/wiki/Garam_dapur) diakses 7 November 2024


Scribd. Makalah Basa Sunda: Kapamalian. (https://id.scribd.com/document/346623144/Makalah-Basa-Sunda-Kapamalian) diakses tanggal 7 November 2024



Nama Kelompok:


- (Asril Gustianas) Pelaksanaan dan Respon masyarakat 

- (Syahira Ramadhani) dimana 

- (Vera Dewi Rachmawati) asal usul

- (M. Rayhan Hariwijaya) kenapa

Komentar

  1. Nami Lengkep : Muhammad Nauval Anindya Sukarsono

    Tingkesan Artikel: Artikel ieu nyaritakeun ngeunaan mitos uyah nu henteu meunang béak di dapur, biasana lamun uyah béak kudu geura dieusian deui, lantaran dipercaya bakal mangaruhan kana rasa masakan, jeung ngalancarkeun rejeki aya oge mitos uyah pikeun nangkal roh jahat anu biasana dilakukeun ku cara ngabur uyah di pakarangan.

    Hal Anu Ngirut Tina Artikel: Hal anu menarik tina artikel ieu nyaéta kumaha tradisi jeung mitos kapercayaan lokal masih dipercaya ku sabagian masarakat Sunda. Mitos uyah ieu nunjukkeun kumaha kuatna warisan budaya karuhun dina masarakat sanajan dina jaman modéren ayeuna.

    Kasalahan kabahasaan :
    "padalarang, gunung bentang, cipatat, cihampelas, cililin, gunung halu" kedahna huruf awal na kapital

    Nilai : 90 artikel geus alus, tapi aya sababaraha kasalahan dina kabahasaan

    BalasHapus
  2. 1. Nami : Revalina Arudin
    2. Ringkesan:
    Mitos uyah di kalangan masarakat Sunda kaasup kapercayaan yén uyah teu meunang béak di dapur sabab dipercaya mangaruhan rasa kadaharan, ngajaga tina roh jahat, sarta ngagampangkeun rejeki. Sawatara narasumber saperti Bu Isni, Nini Syahira, jeung Nini Vera percaya kana mitos ieu ogé cara ngusir roh jahat ku cara nyiramkeun uyah di sabudeureun pakarangan. Respon masarakat dicampur, Seuseueurna urang Sunda pituin percaya kana éta teras teraskeun, sanaos anu sanés nganggap éta henteu relevan deui sareng jaman ayeuna.
    3. Aya anu pikaresepeun:
    Dina bagian mitos, uyah nu henteu bisa nyieun duit di dapur, sabab dipercaya mangaruhan rasa kadaharan, ngajaga ngalawan roh jahat, jeung mawa rejeki.
    4. Kasalahan linguistik:
    Dina paragraf kahiji
    • Uyah : kudu hurup leutik "g" sabab lain ngaran tempat atawa jalma.
    • Kapamalian: hurup "k" kudu hurup leutik sabab sanggeus tanda baca koma teu bisa dihurungkeun kapital iwal ngaran hiji tempat atawa jalma.
    • padalarang, gunungpan, cipatat, cihampelas, cililin, gunung halu: ngaran-ngaran patempatan kudu make hurup-hurup kapital di awal kata.
    5. Peunteun artikelna aya 90 artikel anu alus jeung matak Pikareseup.

    BalasHapus
    Balasan
    1. 1.Nami:Al Ghifari Hadi Irawan

      2. Tingkesan Artikel : Dina artikel ieu aya dua hal anu dibahas nyaeta mitos pamali meuli uyah ti peuting jeung mitos uyah didapur tong nepika beak. Dina artikel ieu disebutken uyah teh yèn salah sahiji jadi panangkal roh jahat anu biasana sok dilakukeun ku cara nyaèta ngubur uyah dipakarangan imah jeung salian ti èta mitos uyah nu teu menang meuli atawa ngajual uyah di peuting dipercaya sok mangaruhan kana rejeki . Numutkeun kana respon masarakat satempat kana mitos ieu téh rupa-rupa, aya nu percaya tapi aya ogé nu henteu. Lolobana anu percaya téh urang Sunda asli atawa keturunan Sunda lantaran mitos ieu kasohor di daerah Jawa Barat.
      3. Hal ini menarik dina artikel : Nyèta dimana mitos ieu tèh masih keneh dipercaya ku sabagian masarakat sunda. Ku ayana mitos uyah ieu teh ngajieun salah sahiji budaya sunda atawa warisan ti karuhun teh masih keneh dilakukeun dizaman kiwari.
      4. Kasalahan panulisan : Dina artikel ieu teh tos sae,ngan aya sababaraha hiji anu kedah di perhatikeun nyaeta dina nalika tanda baca sareng dina segi bahasa anu digunakeunna. "Sababaraha jalma percaya yén uyah mibanda nilai magis nu bisa nangkal énergi négatif, jadi lamun uyah béak, dianggap yén imah téh leungit perlindungan ti hal-hal anu goréng". Sapertos kalimat diluhur kedahna tanda koma teu kedah dobel digentos wae ku tanda titik jadikeun sakalimat. Sapertos kieu "Sababaraha jalma percaya yén uyah mibanda nilai magis nu bisa nangkal énergi négatif. jadi lamun uyah béak, dianggap yén imah téh leungit perlindungan ti hal-hal anu goréng.

      5.Nilai : 89
      Artikel ieu teh alus ngan aya sababaraha kasalahan boh dina tanda baca jeung unsur kabahasaanna

      Hapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Tradisi Mulid Nabi di Kampung Citape Kec. Cihampelas RT 03