Mengenal Tradisi Perelek di Kampung Gunung Bentang RW 14
Mengenal Tradisi Perelek di Kampung Gunung Bentang RW 14
Saprak jaman baheula, masarakat Jawa Barat geus ngalaksanakeun rupa-rupa tradisi pikeun ngajaga stabilitas pangan jeung ékonomi di tengah krisis alatan bencana jeung perang dunya. Tradisi ieu disebut perelek, mindeng disebut "Beas perelek". Beas Perelek téh mangrupa tradisi anu cukup unik, lantaran ngalibetkeun tuang béas ka tokoh masarakat satempat anu ngurilingan mawa awi minangka wadah pikeun nahan béas anu dipasihkeun ku warga.beas perelek diwangun ku dua kecap, Beas anu hartina sangu, sedengkeun perelek mangrupa istilah dina basa Sunda.
Istilah perelek dicokot dumasar kana kabiasaan urang Sunda ngarana barang nurutkeun sora anu dihasilkeunana. Dina prak-prakanana, saeutik-saeutik béas anu dicokot téh dicicikeun kana wadah anu dibawa ku aparat désa. Ceuk urang Sunda, bijil béas nu ragrag téh sorana, "perelek...perelek...perelek." Kusabab kabiasaan ieu, tradisi ieu disebut Beas Perelek sarta nepi ayeuna mindeng disebut Beas perelek. Tradisi Perelek mangrupa kabudayaan masarakat Sunda di Jawa Barat, sarta salah sahiji tempat anu masih ngalestarikeun tradisi perelek nyaéta Désa Gunung Bentang RT 02 RW 14, Désa Jaya Mekar, Kacamatan Padalarang, Kabupatén Bandung Barat.
Tradisi perelek ieu geus lila aya di kampung Gunung Bentang, tradisi ieu eureun salila 1 taun alatan robahna jabatan RW, kira-kira taun 2018. Ti saprak 1 taun liren, tradisi ieu dituluykeun nepi ka ayeuna di kampung Gunung Bentang. Para tokoh masarakat anu ngalestarikeun tradisi perelek ieu ti baheula mula, biasana tradisi perelek dilaksanakeun ku cara ngumpulkeun béas atawa duit pikeun mantuan jalma anu butuh. Sanajan kitu, alatan kamajuan jaman, tradisi perelek di Désa Gunung Bentang dikumpulkeun ngan dina bentuk duit. Sarta biasana duit ieu dipaké pikeun meuli parabot jeung kabutuhan pikeun jalma anu maot atawa pikeun mantuan pengobatan warga pikeun jalma anu kurang beruntung.
Ku ayana tradisi pérek ieu, bisa ngawujud solidaritas sosial di masarakat, ngaronjatkeun rasa prihatin atawa rasa empati, ngaronjatkeun karaharjaan sosial, ngalatih rasa gotong royong, ngaronjatkeun sikep gotong royong. utamana dina nyanghareupan kasusah ékonomi atawa musibah. Sanajan geus bahaya leungit alatan modernisasi, tradisi ieu tetep dilestarikan di sababaraha wewengkon di Jawa Barat, salah sahijina di Désa Gunung Bentang RT 02 RW 14. (Revalina)
Tujuan dina di ayakeun na tradisi perelek di kampung Gunung Bentang teh nyaeta. Kanggo ngabantosan warga-warga anu nuju ka susahan contona nyaeta kangge warga anu ngantunkeun, warga anu atos sepuh, warga anu te mampu sareung jabana.Tradisi perelek teh benteun-benteun di setiap kampung teh aya anu ngumpul keun beas aya oge anu ngumpul keun artos.Tah tradisi perelek anu aya di kampung Gunung Bentang mah ngumpul atos sanes beas siga nu di kampung-kampung lain. Kumaha cenah tah ari tradisi perelek teh , nyaeta di kampung Gunung Bentang mah sabulan sakali teh ngempelkeun antos RP. 3000 per KK di candakan nateh nya eta ku ketua RT na masing-masing.
di kampung Gunung Bentang teh khusuna di RW 14 di bagi 4 RT ti masing-masing RT teh di kempelkeun heula sadayana.Tah parantos di kempelkeun di tiap RT masing-masing teh di hijikeun sadayana di setorkeun ka Ketua Tradisi perelek nyaeta ketua RW 14. Ti setiap bulan parantos nyandakan artos teh sok di ayakeunna rapat ketua RW 14,ketua RT 1 dugi ka RT 4 sareung tokoh masyarakat nu sajabana. Naon wae tah anu di bahas di rapat eta teh nyaeta anu di bahas dina rapat setiap bulan nyarioskeun pendapatan bulan ayeuna sabaraha pengeluaran bulan ayeuna sabaraha di peserkeun naon. Tah salasah hiji na nyaeta alat kematian, jadi si alat kematian teh di peser ti artos anu parantos di kempelkeun ti warga-warga RW 14 jadi si artos eta teh ti warga kangge kabutuhan warga oge sapertos alat kematian siga cangkul, garpuh sareung sajabana, alat kematian eta oge hente wae di angge ku warga RW 14 sok aya oge anu nambut alat kematian eta ti RW anu sejen, jadi tujuan na aya tradisi perelek di kampung Gunung Bentang teh penting pisan kangge warga-warga oge.( Alghifari)
Kagiatan perelek dilaksanakeun ku panitia anu diwangun ku Ketua RW, Ketua RT, bendahara, jeung sekretaris. Biasana, kagiatan ieu diayakeun sacara rutin sabulan sakali kalayan ngalibetkeun sakumna warga di RW 14 anu kabagi jadi 4 RT. Unggal RT diwangun ku 60 kulawarga, sarta unggal kulawarga dipénta pikeun masrahkeun kontribusi sebesar Rp3.000. Pangumpulan dana dilaksanakeun sacara langsung, dimana petugas RT ngadatangan tiap imah warga pikeun narik duitna sarta engkéna diserahkeun ka bendahara. Dana perelek ieu dipaké pikeun kabutuhan saperti meuli kain kafan, parabot pamakaman, sarta masihan santunan pikeun kulawarga anu anggotana ngantunkeun. Dina palaksanaanna, aya parobahan, dimana dana anu terkumpul, lamun aya leuwihna, ayeuna bisa dialokasikeun keur meuli tanah wakaf pikeun kapentingan bareng.(Nauval Anindya)
Satiap kampung miboga aturan jeung kagiatanna masing-masing. Dikampung Gunung Bentang RT 2 RW 14 miboga kagiatan anu positif nyaeta tradisi perelek anu turun-temurun ti baheula. Hanjakal kagiatan perelek di kampung ieu teu bisa dipikanyaho iraha mimitina jeung saha peloporna. Saur Pak Wahyu salaku ketua RT, nyebatkeun yen dina ayana kagiatan perelek tiasa masihan seueur mangpaat tina ngumpulkeun 3000 rupia perbulan unggal kepala keluarga.
Warga anu kurang nyaho kagunaan tradisi perelek ieu, loba anu mandang negatif, sok aya wae warga anu teu resep atawa teu satuju dina ayana tradisi turun-temurun ieu.
Contohna, "artos tina hasil ngumpulkeun teh di kamanakeun?", "ieu teh kanggo naon hungkul?", jeung "artosna tos sabaraha? atuh tiasa abdi teu masihan heula di bulan ieu?".
Masyarakat-masyarakat anu kitu teh aya wae, sanajan ngan menta 3000 perbulan na. Tapi sanggeus di bejasn ku ketua RT soal mangpaat perelek, artosna dikempelkeun dimana, jeung tujuan ti tradisi turun-temurun, laun-laun warga anu mandang negatif teh ngarti jeung teu kungsi nanya deui.
Sanaos aya sabagian warga anu nganggep negatip, tapi masih loba warga anu ngarespon positip, siga Ibu Rina salah sahiji warga di kampung Gunung Bentang RT RW, Bu Rina nyebatkeun yen tradisi perelek teh kudu terus-terusan dilestarikeun, salain ti ngamangpaatkeun, warga bisa harmonis ku interaksi nalika ngumpulkeun duit dina tradisi ieu. Ibu Rina rutin mere duit 3000 rupia nalika ngumpulkeun perelek, cenah mah tradisi ieu teh mangpaat pisan lamun aya anu maot jeung teu boga persiapan keur meuli kain kafan, mangka dina waktu eta, duit perelek dibeuli keur meuli kain kafan.
(Khafifah)
Dokumentasi Kegiatan
Daftar PustakaMengenal Beas Perelek, Tradisi Penjaga Stabilitas Pangan di Pedesaan Jawa Barat(https://www.merdeka.com/jabar/mengenal-beas-perelek-tradisi-penjaga-stabilitas-pangan-pedesaan-di-jawa-barat.html)
Penulis
-Revalina (sejarah)
-Al Ghifari (Tujuan tradisi)
-M Nauval A.S (Pelaksanaan)
-Khafifah (Respon dan opini masyarakat)

1. Al Fathir Kaka Rafansyah
BalasHapus2.Di kampung Gunung Bentang, tradisi perelek geus lila dilaksanakeun salaku cara pikeun ngumpulkeun dana pikeun ngabantu warga anu peryogi, sapertos keur kabutuhan pamakaman atawa pengobatan. Tradisi ieu, anu asalna tina kabiasaan masarakat Sunda, ngumpulkeun duit ti tiap kulawarga (Rp 3.000 per bulan) anu disalurkan ku ketua RT jeung bendahara. Dana anu dikumpulkeun dipaké keur kabutuhan saperti meuli kain kafan, alat pamakaman, sarta pikeun bantuan warga anu keur kasusah.
Sanajan aya sabagian warga anu teu sapuk jeung tradisi ieu, saperti anu ngarasa teu perlu pikeun ngaluarkeun duit, loba oge anu ngarasa yén tradisi perelek téh penting pikeun ngajaga solidaritas sosial jeung gotong royong di kampung. Dina rapat bulanan, ketua RW jeung ketua RT ngabahas kumaha ngagunakeun dana anu terkumpul, sarta ngajalankeun sistem transparan pikeun mastikeun manfaatna pikeun sakumna warga.
Tradisi ieu ngagambarkeun pentingna gotong royong sareng solidaritas pikeun ngadukung karaharjaan sosial, sareng masih dilestarikan di kampung Gunung Bentang, RT 02 RW 14, sanajan geus ngalaman parobahan dina cara ngumpulkeun dananya.
3. Hal anu menarik nyaeta tradisi perelek masih di daerah Gunung Bentang, daerah Gunung Bentang cakeut sareung daerah abdi di Purabaya.
4. Di paragraf ka lima aya tanda anu salah, kedahna titik,
dina kalimah "Tujuan dina di ayakeun na tradisi perelek di kampung Gunung Bentang teh nyaeta. ". Aya deui di paragraf kalima nyaeta saantos titik kedah na spasi.
5. Nilai kanggo artikel ie nyaeta 90 kumargi upami dina artikel na tos lumayan sae tapi masih aya kasalahan dina tanda bacana.
1. Naufal azkiya rabani
BalasHapus2. Tradisi Beas Perelek di Kampung Gunung Bentang, Desa Jaya Mekar, Kecamatan Padalarang, Kabupaten Bandung Barat, nyaéta tradisi sosial masyarakat Sunda anu dilaksanakeun pikeun ngabantosan warga anu peryogi, utamana dina hal maot atawa pangobatan. Unggal bulan, warga dipénta nyumbang sabesar Rp 3.000 per kepala keluarga, anu engkéna dikumpulkeun ku ketua RT sarta disalurkeun ka ketua RW. Dana anu terkumpul dipaké pikeun meuli alat pemakaman, saperti kain kafan jeung cangkul, atawa pikeun mantuan biaya pangobatan. Sanajan aya sabagian warga anu awalna ragu ngeunaan mangpaatna, saatos dijelaskeun, loba anu ngartos sarta ngadukung tradisi ieu. Salian ti masihan bantuan, perelek ogé ngaronjatkeun rasa gotong royong jeung solidaritas sosial di masarakat.
3. Artos anu di kumpulken per kepala keluarga saukur Rp 3.000 nanging bisa ngabantos masarakat anu ngabutuhkeun
4. Panggunaan tanda baca koma anu teu leres, utamina saatos kecap "na" jeung "kitu téh aya wae."
Sanggeus kecap "warga", teu aya tanda titik (.) anu misahkeun kalimat. Salian ti éta, "beas" kudu maké huruf kapital di awal kalimat.
5. 89 kusabab artikel na menarik nanging masih aya keneh kesalahan
• Nama : Hani Kurnaeti
BalasHapus• Ringkesan :
Tradisi perelek nyaéta kagiatan ngempelkeun dana tiasa ku artos atanapi ku béas sacara rutin ti tiap kulawargi di hiji kampung pikeun kabutuhan kanggo masyarakat sapertos pamakaman sareung nusanesna.
Di kampung Gunung Bentang RW 14, tradisi ieu ngalibatkeun kontribusi Rp3.000 per bulan ti tiap kulawargi, anu bakal dianggo pikeun mèser kain kafan, parkakas pamakaman, sareung masihan santunan ka kulawargi abi ngantunkeun. Dana ieu diatur ku panitia anu ngawengku Ketua RW, Ketua RT, bendahara,sareung sekretaris.
Tradisi Perelek ieu teu ngan saukur mangpaat kanggo kabutuhan masyarakat, tapi ogé kanggo ngajaga rasa gotong-royong sareng silaturahmi antar warga. Tradisi ieu parantos dilaksanakeun turun-temurun, sareng sanajan aya anu awalna henteu satuju, tapi Santos ngarartos kana mangpaatnamah, seeur warga anu ngarojong sareung rutin ngiringan kontribusi dina tradisi perelek.
•Hal-hal anu ngirut tina tradisi perelek di kampung Gunung Bentang nyaéta:
1. Gotong Royong anu Kuat: Tradisi perelek ngajarkeun pentingna gotong royong antara warga. Sadaya warga kompak ngempelkeun dana pikeun kabutuhan saperti pamakaman, kukituna Jenteun ngawangun rasa persatuan sareung solidaritas anu kuat di lingkungan masyarakat.
2. Keberlanjutan Tradisi: Tradisi perelek ieu atos dilaksanakeun turun-temurun, ngagambarkeun kumaha budaya gotong- royong teuras lestari. Tradisi ieu jadi bagian tina identitas kampung, ngajaga nilai-nilai sosial sareung budaya anu diwariskeun ti generasi ka generasi.
3. Transparan jeung Keterbukaan: Dina tradisi ieu, warga kenging informasi jelas ngeunaan kumaha artos anu dikumpulkeun dianggona. Transparan dina pengelolaan dana ngadambel warga ngarasa percaya sareng ngajaga hubungan sosial anu kuat antar warga.
4. Manfaat ngempelken dana : Dana anu dikumpulkeun teu ngan saukur dianggo pikeun kabutuhan pamakaman, tapi ogé tiasa dianggo pikeun ngadukung warga anu nuju kasulitan. Ieu ngajadikeun tradisi nguntungkeun pikeun masarakat.
5. Ngabangun Silaturahmi: Salami prosés ngempelkeun dana, warga ngabogaan kasempetan pikeun silaturahmi, ngobrol, jeung nguatkeun hubungan antar warga. Ieu ngajadikeun perelek teu ngan saukur kagiatan administratif, tapi ogé kesempatan pikeun mempererat tali persaudaraan.
6. Rasa Peduli Sosial: Tradisi perelek nunjukkeun rasa peduli sosial anu kuat di antara warga. Masing-masing warga sadar pentingna saling ngabantosan waktos aya musibah, sapertos pamakaman. Ieu ngajadikeun masarakat jadi langkung empati sarta perhatian kana kaayaan sabudeureunana.
Tradisi perelek ngirut sabab henteu ngan ukur mangpaat pikeun kabutuhan praktis, tapi ogé nyumbang kana penguatan hubungan sosial, pelestarian budaya gotong royong, sarta ngajaga rasa solidaritas di tengah masyarakat.
•Kasalahan kabahasaan:
1.Dina pararaf 5, kecap beas =béas( kedahna dicurek)
2.Dina paragraf 6,kecap:
Setiap=satiap
Kematian=ngantunkeun
Cangkul=pacul
Hente=henteu
•Penteun artikel:
Tina paparan materina artikel ieu tos sae ,tapi tina aya sapalih kabahasaan, panganggoan tanda baca& huruf kapitalna masih kedah dilereskeun deui.
Salah sahil contona:
○ Dina paragraf ka 1 dina kecap (warga) aya tanda (•). Kedahna huruf salajeungna nganggo kapital.
○ Di paragraf ka 6, kecap ka 1 awal paragraf kedahna nganggo huruf kapital
○ beas = béas(kedahna)
Setiap=satiap
Cangkul=pacul
Kematian=ngantunkeun
Hente=heunteu
Punteun:85
• Nama Lengkap : Salsabila Maulani Annur
BalasHapus• Tingkasan eusi artikel :
Artikel ieu ngagambarkeun tradisi "Beas Perelek" di Gunung Bentang, Padalarang, Jawa Barat, anu dijaga ku warga pikeun ngabantu anu butuh, khususna keur keperluan kematian jeung sosial. Dina tradisi ieu, tiap kulawarga masrahkeun Rp3.000 per bulan nu dikumpulkeun ku panitia ti tiap RT. Dana ieu dipaké pikeun meuli alat pamakaman jeung kain kafan, jeung lamun aya sésana, dialokasikeun keur meuli tanah wakaf. Sanajan aya sababaraha warga anu mandang négatif, laun-laun kapercayaan ngaronjat sanggeus dijelaskeun mangpaat tradisi ieu. Tradisi perelek ngaronjatkeun solidaritas sosial jeung rasa gotong royong di antara warga.
• Hal anu ngirut Tina artikel :
Hal anu menarik tina artikel ieu nyaéta kumaha tradisi "Beas Perelek" di Désa Gunung Bentang dijaga pikeun ngabantu warga anu butuh. Tradisi ieu unik sabab tiap kulawarga nyumbang Rp3.000 per bulan pikeun kabutuhan sosial, utamana keur alat pamakaman, kain kafan, jeung tanah wakaf. Tradisi ieu henteu ngan ukur ngabantu ékonomi, tapi ogé nguatkeun solidaritas sareng rasa gotong royong di masarakat.
• Kesalahan kabahasaan :
Artikel ieu ngandung sababaraha kasalahan kabahasaan, antara séjén:
1. Konsistensi Penulisan: Aya campuran antara basa Sunda jeung basa Indonesia, misalna kecap "teh" nu kadang dipaké tapi henteu konsisten.
2. Tanda Baca: Beberapa kalimat kurang tanda koma atawa titik, nu ngajadikeun bacaan jadi panjang sareng sesah dipahaman.
3. Penulisan Kecap "atos": Kecap "atos" dina basa Sunda kudu diganti jadi "sudah" lamun ditulis dina basa Indonesia.
4. Redundansi: Sababaraha kalimat ulangan tanpa variasi, nyababkeun artikel katingali panjang tapi kurang efektif.
5. Inkonstensi Lokasi: Kadang nyebutkeun lokasi RW 14 tapi aya kalana singgetan sapertos "RW" atawa "RT" teu konsisten.
6. Penggunaan Basa Sunda: Kadang-kadang aya kecap Sunda anu teu dipedar atawa diterjemahkeun kana basa Indonesia, anu bisa jadi sesah dipahaman ku nu teu wawuh kana basa Sunda.
• peunteun :Nilai kanggo artikel ie nyaeta 89 kumargi upami dina artikel na tos lumayan sae tapi masih aya kasalahan dina tanda bacana.