Tradisi Goah: Warisan Karuhun dina Acara Adat

 Tradisi Goah: Warisan Karuhun dina Acara Adat



Goah sacara harfiah ngandung harti tempat neundeun béas jeung kadaharan di rohangan husus, umumna anu utama pikeun nyimpen beas. Di Goah paling saeutik aya hiji gentong minangka wadah tempat neundeun beas. Tradisi ieu geus aya ti jaman karuhun urang jeung masih dilestarikan dina rupa-rupa acara adat di masarakat, saperti kawinan atawa khitanan. Dina kontéks kajadian, Goah téh lain ngan saukur tempat neundeun, tapi miboga harti ritual jeung spiritual anu penting.  

(Muhamad Ibnu Digan)


Dina acara-acara nu tangtu, kayaning kawinan atawa khitanan, tradisi goah dilaksanakeun ti mimiti acara dimimitian nepi ka réngsé. Fungsi goah ieu lain ngan ukur pikeun neundeun dahareun, tapi ogé salaku rohangan utamana anu kudu dijaga ketat ku anu dipercaya. Jalma anu dibéré pancén ngajaga goah diwajibkeun pikeun awéwé lain lalaki, anu. disebut "candoli". Ngan candoli anu di idinan asup ka goah, sedengkeun jalma séjén dilarang asup ka kamar. Tugas Candoli lain ngan ukur ngajaga, tapi ogé mastikeun kasadiaan masakan prasmanan dina acara éta dijaga. Lamun kadaharan di prasmanan mimiti béak, candoli dieusi deui tina bekel nu disimpen di goah. 

(Nadya Putri)


Tujuan utama tradisi goah nyaéta pikeun ménta panyalindungan jeung kalancaran ka Alloh dina lumangsungna acara. Salian ti éta, nurutkeun kapercayaan karuhun, tradisi ieu oge boga tujuan pikeun menta idin ka leluhur atawa "karuhun" pikeun ngayakeun acara di eta tempat, sareng aya sababaraha kayakinan anu beredar ngeunaan béas anu disimpen di Goah. Sapertos masak sangu sareng parasmanan tina béas sareng bahan-bahan masak anu disimpen dina tong di Goah, nalika tuang éta, sanaos ngatuang sakedik, tapi patuangan tamu acra teh karaos na wareg jeung lamun tamu prasmanan datang, ngan ku nempo dahareun prasmanan anu disadiakeun, aranjeunna langsung ngarasa wareg. Ieu nembongkeun kumaha kabudayaan masarakat tetep nyambung kana nilai spiritual anu diyakini. 

(Nadya Putri)



Di goah, salian ti bahan kadaharan, aya ogé sesajen minangka bagian tina ritual. Sesajen ieu diwangun ku rupa-rupa inuman anu béda-béda rasa, contona kopi, cai jeung tèh, tuluy aya kadaharan tina prasmanan anu disimpen dina piring husus, roko, cerutu, sepahan sirih , kendi dieusi cai, kalapa ngora, endog hayam rancag jeung kembang dina mangkok leutik. Ieu sesajen mangrupa simbul pangharepan jeung hormat ka karuhun katut sabagéan pamenta sangkan acarana lancar. 

( Muhamad Raihan Fadhilah)


Prosésna ngalaksanakeun goah dimimitian ku ngumpulkeun bahan jeung parabot masak anu bakal dipaké pikeun masak hidangan prasmanan. Sanggeus éta, kulawarga anu ngayakeun acara ngayakeun do'a anu dipingpin ku kolotna minangka bentuk nyuhunkeun restu. Sanggeus solat réngsé, teras. bahan-bahan masakna diolah jeung di asak. Sabada masakan prasmanan geus asak, sawareh bebekelan jeung sesajen geus disayagikeun, tuluy dialihkeun kana goah jeung dijaga ku candoli nepi ka acarana rengse.

 (Vina Putri)


Salain aturan anu ketat ngeunaan, saha nu bisa asup ka goah, tradisi ieu oge aya sababaraha tabu. Candoli, misalna kudu ati-ati ulah loba teuing dahar, sabab diyakini lamun loba dahar, prasmanan bakal gancang béak. Salian ti éta candoli ogé biasana ngalaksanakeun puasa bari ngalaksanakeun kawajibanana, minangka wujud bakti jeung hormat kana ritual anu dilaksanakeun. 

(Vina Putri)


Tradisi goah mangrupa conto kumaha masarakat Indonesia, hususna anu masih kénéh taat kana tradisi, adat istiadat, ngalestarikeun warisan karuhun. Tradisi ieu lain ngan saukur rutin dina acara-acara, tapi ogé mangrupa wujud rasa hormat ka karuhun jeung gusti Alloh, kalayan harepan acara ieu lancar tur ngajauhan hal-hal nu goréng. Ngaliwatan tradisi ieu, generasi penerus diajar pikeun terus ngajénan nilai-nilai spiritual anu aya dina unggal upacara adat.

(Muhamad Ibnu Digan)


Dokumentasi kegiatan





Anggota Kelompok: • Nadya Putri • Muhamad Ibnu Digan • Muhammad Raihan Ismail • Vina Putri

Komentar

  1. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  2. Kalinna Panjaitan

    Tradisi goah di Indonesia téh mangrupikeun ritual nyimpen béas jeung bahan kadaharan dina rohangan husus, nu dilaksanakeun dina acara-acara adat saperti kawinan atawa khitanan. Goah dihormat teu saukur minangka tempat panyimpenan, tapi ogé miboga nilai spiritual jeung ritual penting. Dina acara, ngan hiji jalma anu dipercaya, nyaéta awéwé disebut "candoli," nu diijinkeun ngajaga jeung ngatur kadaharan di goah. Goah ogé ngandung unsur sesajen, pikeun nyuhunkeun berkah jeung restu ka karuhun. Aturan ketat ditetepkeun pikeun candoli, saperti teu loba dahar, pikeun ngajaga kaberkahan dina prasmanan. Tradisi goah ngagambarkeun rasa hormat ka karuhun jeung panyipta, sareng ngajarkeun generasi ngora ngeunaan nilai-nilai spiritual.

    Hal menarikna peran khusus candoli anu ngabogaan tanggung jawab luhur, kadaharan di goah dipercaya bisa ngaraoskeun wareg, sesajen unik minangka simbol pangharepan, hubungan spiritual jeung karuhun, lestari turun temurun.

    kesalahan kabahasaana penempatan tanda baca yang kurang tepat

    peunteun artikel ti skala 90/100

    BalasHapus
  3. 1. Reipansyah Putra Nurpadis
    2 .Tradisi goah dina budaya Sunda téh lain ngan ukur tempat neundeun béas, tapi mibanda harti sakral dina acara adat saperti kawinan jeung khitanan. Goah dilestarikan ku candoli, awéwé nu dipercaya ngajaga goah sarta ngajamin kadaharan prasmanan tetep aya keur tamu. Sesajen jeung aturan ketat, saperti puasa keur candoli, dipaké pikeun nyiptakeun kelancaran acara sarta ngajénan karuhun. Tradisi ieu ngajarkeun generasi penerus pentingna ngajaga nilai spiritual jeung rasa hormat kana kabudayaan Sunda.

    3. Hal anu menarik na nyaeta candoli anu ngabogaan tanggung jawab luhur,sareung eusi sasajen seueur
    4. kasalahan na nyaeta dinu penulisan na, aya sakedik anu salah nyaeta dinu penulisan goa sareung parasman
    5. Peunteun artikel ti skala 90/100

    BalasHapus
  4. 1. Robyansyah Tazmahal
    2. ⁠Tradisi goah di masarakat Sunda téh nyaéta praktek adat pikeun nyimpen bahan kadaharan dina rohangan husus nalika acara penting, saperti kawinan jeung khitanan. Dijaga ku hiji wanoja nu disebut “candoli,” goah lain ngan ukur tempat neundeun kadaharan; tapi mibanda fungsi ritual jeung spiritual pikeun nyuhunkeun kelancaran jeung panyalindungan dina lumangsungna acara, sarta minangka wujud hormat ka karuhun. Salian ti kadaharan, sesajen ogé ditempatkeun di goah minangka lambang do’a jeung pangharepan. Tradisi ieu ngajaga nilai-nilai spiritual sarta ngajaga sambungan jeung karuhun dina budaya Sunda.
    3. ⁠candoli, isi sesajena
    4. Fungsi goah, ngajaga goah paragraf 2, parasmanan , tradisi goah ti paragraf 3,
    5. ⁠90

    BalasHapus
  5. Sylfa Tunnisa Hidayat

    Tradisi goah ngandung harti tempat neundeun beas kadaharan di ruangan khusus, salain tibahan kadaharan aya oge nu lainna diwangun ku rupa-rupa inuman anu beda- beda rasa contohna kopi, cai , jeng teh tradisi ieu geus aya ti bahela nu masih dilestariken dina acara adat di masyarakat seperti kawinan , khitanan tradisi goah dilaksanakeun ti mimiti acara nepi selesai, jalma anu dibere pancen kudu diwajibkeun awewe lain lalaki anu di sebut " Candoli "

    tradisi goah ieu nu menarik nyaeta kaluarga anu ngayakeun acara ngayakeun doa anu di pingpin ku kolotna minangka nganuhunkeun restu

    kasalahan kabahasaan nyaeta aya keneh tanda baca jeung kata anu teu leres

    peunteun artikel ti skala 90/100

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

BIOGRAFI JEROME POLIN

TRADISI PAWAI OBOR DINA RARAGA MEMPERINGATI TAHUN BARU ISLAM DI KAMPUNG GUNUNG BENTANG

RENGASDENGKLOK