Angin peuting nu tiris maseuhan beungeut Esih. Manéhna ngagolér dina liang panyumputan nu poék, teu paduli diluar aya perang ge. Dina poé biasa, manéhna bakal nangkeup dirina pageuh nepi ka saré, poé ieu manéhna moal merhatikeun nanaon. Esih ngan hayang nutup panon jeung geura ngabagéakeun isukan, hijina poé manéhna bisa bagja saprak Jepang datang, tenang jeung pikasieuneun moal datang deui ka manéhna, isukan na Esih jeung sobat leutikna Cecep , bakal ngucapkeun jangji suci jeung maranehna bakal babarengan nepi ka ajal datang ka maranehna. Cecep teu gaduh baju anu saé, tapi anjeunna henteu paduli. Kaos oblong anu bolong-bolong sareng calana sadengkul titinggal bapana, ngan ie hungkul papakean. Dina poé biasa, manéhna buligir ngan maké calana tina karung goni nu matak nyien ateul. Dinten ayeuna anjeunna bakal nganggo baju paninggalan bapana. Cecep teu sabar ningali seuri Esih anu sumringah, nepi ka karasa seuseurian saalam dunya. Poé ieu, 23 Januari 1944, nyaéta poé anu bersejarah lanta...